Entri Populer

Sabtu, 30 Agustus 2014

KATERANGAN TENTANG SUJUD SAHWI, SUJUD SYUKUR SARTA SUJUD TILAWAH

Katerangan:
Sujud Sahwi
Tatacara sujud sahwi:
1.    Ari sujud sahwi eta make takbir.
2.    Ari sujud sahwi eta bisa dilakonan sateuacan aweh salam atanapi saparantos salam. Dimana-mana aya jalma anu ngalakonan sujud sahwi saparantos aweh salam, maka saparantos sujud sahwina diteraskeun kana aweh salam deui.
Bacaan sujud sahwi
SUBHAANAL-LADZI LAA YANAAMU WA LAA YAS HUD
Sujud Syukur
Ari sujud syukur nyaeta sujud anu dilakonan kusabab urang nampi kani’matan atanapi ngadangu beja anu ngagumbirakeun.
Tatacara sujud syukur:
1.    Ari sujud syukur eta sakali sujud.
2.    Pikeun jalma anu bade ngalakonan sujud syukur naha bade gaduh wudhu atanapi heunteu, tiasa dilakonan.
3.    Hukum sujud syukur eta sunnat.
Bacaan sujud syukur:
SUBAANAKALLOOHUMMA ANTA RABBII HAQ-QON HAQ-QOO, SAJADTU LAKA YAA ROBBII TA-’ABBUDAN WA RIQQOO. ALLOOHUMMA INNA ‘AMALII DHO’IIFUN FADHOO’IF LII. ALLOOHUMMA QINII ‘ADZAABAKA YAWMA TUB’ATSU ‘IBAADUKA WA TUB ‘ALAYYA INNAKA ANTAT TAWWÂBUR ROHIIM.
Sujud Tilawah
Sujud tilawah nyaeta sujud anu dilakonan kusabab ngaos atawa ngadangu ayat-ayat al-qur’an anu tangtu, tegesna ayat-ayat al-quran anu disebut ayat sajadah.
1.    Ari sujud tilawah eta sakali sujud.
2.    Ari sujud tilawah hukumna eta sunnah
3.    Urang teu disunnahkeun sujud lamun aya jalma anu maca kana ayat sajadahna heunteu sujud, tatapina lamun mah eta jalma anu maca kana ayat sajadah sujud maka urang ge kedah sujud, sok sanajan sajeroning sholat anu fardhu.
4.    Dimana mana urang ngadangukeun kana aosan ayat sajadah, maka prak bae sujud tilawah, naha nalika bade gaduh wudhu atanapi heunteu, tiasa dilakonan.
Bacaan sujud tilawah
SAJADA WAJHI LILLADZI KHOLAQOHU WA SYAQQO SAM’AHU, WA BASHOROHU BIHAWLIHI WA QUWWATIHI.
Ayat sajadah eta aya 15, nyaeta

CACARAKAN KITAB 73 GOLONGAN (KITAB MIKHROJUL QURBI)

 



S : naha aya sabaraha ari rukun agama?
J : ari Rukun agama eta aya tilu.
nyaeta:
Ka hiji na Iman
Ka dua na Islam
Ka tilu na Ihsan
S : naon ari ngaran iman?
J : ari ngaran iman nyaeta :
TASDIQUL QOLBI BIMAA JA A BIHINNABIYYU SHOLLALLOHU ‘ALAIHI WASALLAM.
Hartosna : ngaku jeung narima ku hate kana perkara-perkara anu didugikeun ku jungjunan urang sadaya kangjeng nabi Muhammad SAW
S : naon ari ngaran islam?
J : ari ngaran islam nyaeta :
AL HUDU’ WAL INQIYADU LIMAA UKHBIROR-ROSUULULLOOHI SHOLLALLOOHU ‘ALAIHI WASSALLAMA.
Hartosna : rendah diri jeung turut kana perkara-perkara anu didugikeun ti r rosuulullooh shollalloohu ‘alaihi wassallam.
S : naon ari ngaran ihsan?
J : ari ngaran ihsan nyaeta :
ANTA’BUDALLOHA KA ANNAKA TAROOHU FAIN LAM TAKUN TAROOHU FAINNAHU YAROOKA
Hartosna : ibadah anjeun ka alloh kaya-kaya ningali anjeun ka alloh, tuluy lamun teu bukti anjeun ningali ka alloh maka saeunya-eunyana alloh eta ningali ka anjeun. (Dina harti heunte boga rasa kaleungitan rasa di uninga ku gusti Alloh na.)
S : naha aya sabaraha ari syarat-syarat na iman?
J : ari syarat-syarat na iman eta aya opat.
nyaeta :
Ka hiji Ma’rifat,
Ka dua Iddi’an, tegesna ngaku ku hate. ₍₁₎
Ka tilu Qobuul, tegesna narima ku hate kana perkara-perkara anu didugikeun ku jungjunan urang sadaya kangjeng nabi Muhammad SAW. ₍₁₎
Ka opat Iqror Dua Kalimah Syahadat Ku Lisan. ₍₂₎
₍₁₎. Ari Iddian Sareng Qobul Eta Ngaranna Tasdiq. Tah saba’da tasdiq perlu nganyahokeun seghat tasdiq nyaeta RODHIITU BILLAHI ROBBAAN WA BIL ISLAMI DIINAAN WA BI MUHAMMADIN NABIYYAAN WA ROSUULAAN WA BIL QURAANI IMAAMAAN WABIL MU,MINIINA IKHWANAN. Hartosna ridho abdi ka gusti alloh, abdi mangeran. Jeung kana agama islam abdi beragama,. Sareung ka kanjeung nabi Muhammad abdi nganabi sareng ngarosul. Sareung kana alqur’an dipake pedoman. Sareung ka jalma mu’min abdi duduluran.
₍₂₎. Saba’da tasdiq teras ngucap kana dua kalimah syahadat ka payuneun guru nu bisa menerkeun kitu so teh .lamun kafir tadina, lamun islam cukup dina keur sholat tapi tetep syahadat ngamimitian kudu boga guru nu bisa menerkeun. Tah ngucapkeun dua kalimah syahadat teh jadi syarat kana iman na jeung islam na jalma, kitu oge lamun dibeunerkeun ku hate. Maka lamun ngomong wungkul bari heunteu dibarengan kalawan hate maka eta masih cilaka sok disebut muslim ghoer munjin. Nyakitu oge lamun dibeunerkeun ku hate wungkul bari heunteu dibarengan kalawan lisan maka eta oge tetep cilaka nyaeta disebut mu’min ghoer munjin.
S : naon ari ngaran ma’rifat teh?
J : ari ngaran ma’rifat nyaeta :
IDROOKUN JAAZIMUN BIHAETSU LAESA MA’AHU TARODDUDUN MUWAAFIQUN LIMAA FIL WAAQI’I NAASYIUN ‘AN DALILIN.
Hartos na : pangarti anu pasti nu teu kena ku owah gingsir anu akur jeung buktina nu timbul tina alesan.
S : naha pangarti nu kumaha anu akur jeung bukti na Alloh?
J : nyaeta pangarti hate anu akur jeung pendapat imam abu hasan asy-‘ari jeung imam abu manshur almaturidi, nyaeta anu neteupkeun ka Alloh ka sifatan ku sifat 20 anu wajib na, 20 anu mustahil na, jeung hiji anu wenang na, anu di kumpulkeun dina ucapan:
Ieu sifat 20 anu wajib na
WUJUD QIDAM BAQO # MUKHOLAFATU LIL HAWADITSI
QIYA MUHU BI NAFSIHI # WAHDANIYAT QUDROT IRODAT
‘ILMU HAYAT SAMA’ # BASHOR KALAM QOODIROON MURIDAN
‘ALIMAN HAYYAN # SAMI’AN BASHIROON MUTAKALLIMAAN
Ieu sifat 20 anu mustahil na
‘ADAM HUDUTS FANA # MUMATSALAH LIL HAWADITSI
IHTIYAJ TA’ADUD # ‘AJAZAH KAROHAH
JAAHIL MAOT ASHOM # A ‘MA BAKAM ‘AJIZAN
KAARIHAN JAAHILAN # MAYYITAN ASHOMA‘UMYAAN BUKMAAN
Ieu sifat hiji anu wenang na
ARI SIFAT ANU WEUNANG # DI GUSTI ALLOH SING TEURANG
NYATANA FI’LU MUMKININ # REUJEUNG WA TARKU MUMKININ

S : naon ari faedah na iman?
J : ari faedah na iman nyaeta :
AL KHULUUDU FIIL JANNAH
Hartosna : langgeung di surga.
Tah eta sadayana anu tos di tetepkeun ku ‘ulama ahli sunnah wal jama’ah.
S : naha ‘ulama nu kumaha anu di sebut ‘ulama ahli sunnah wal jama’ah teh?
J : nyaeta ‘ulama anu netepkeun dasar hukum syara’ na tina qur’an, tina hadits, tina ijma’₍₃₎ jeung qiyas mu’tabar₍₄₎
S : Naha ‘ulama anu pangkat kumaha anu bisa netepkeun dasar hukum syara’ na tina qur’an, tina hadits, tina ijma’ jeung qiyas mu’tabar?
J : nyaeta ‘ulama anu pangkat mujtahid
S : naha aya sabaraha ‘ulama anu pangkat mujtahid teh?
J : ari ‘ulama anu pangkat mujtahid eta seu.eur, ngan anu beunang di ikuti eta aya opat, nyaeta :
Ka hiji Imam Hanafi
Ka dua Imam Maliki
Ka tilu Imam Syafi’i
Ka opat Imam Ahmad Hambali
S : naha ari tata cara beragama ahli sunnah wal jama’ah teh turut ka saha?
J : eta turut ka kanjeung nabi Muhammad SAW,
Ngan dina tatacara turutna ka kanjeung nabi dina iman eta mengikuti faham imam abu hasan asy-‘ari jeung imam abu manshur almaturidi,
Dina hukum islam na mengikuti faham salah sahiji imam madzhab anu opat.
Dina ihsan na mengikuti faham imam abu qosim junaedi al bagdadi, jeung imam ghozali, jeung imam sayyid abdulloh ‘alawi al hadad
₍₃₎ ari ngaran Ijma’ ceuk lughot nyaeta kesepakatan. Ari ngaran Ijma’ ceuk istilah nyaeta kesepakatan sakabeh mujtahid umat Muhammad SAW dina pendapat, saparantos wafatna kanjeng nabi, tina tiap masa kamasa dina pirang-pirang masalah (hukum).
Numutkeun sadaya ‘ulama yen ijma’ eta bias dijadikeun hujjah (dasar), sakumaha hadits anu diriwayatkeun Tirmidzi ti ibnu umar ra:
LAA TAJTAMI’U UMMATII ‘ALADH-DHOLAALATI WAYADULLOHI ‘ALAL JAMAA’ATI
Anu hartosna: “ummat kaula moal bakalan sapakat dina kasesatan, tur ari pitulungna alloh eta aya dina kasapakatan (jama’ah)” HR THOBRONI
Ijma’ teh dinilai sah ku ucapan tur perkara anu dilakonan ku mujtahid ummat, atau ku ucapan tur perkara anu dilakonan ku sawarehna aranjeunna tuluy hal eta kasebar jeung sabagian anu lain jeumpe, mangka anu saperti iyeu dingaranan ijma’ sukuti.
₍₄₎. Qiyas eta meunang dijadikeun hujjah (dasar) sakumaha dawuhan alloh dina alqur’an:
FA’TABIRUU YAAULIL ABSHOORI (Q.S AL-HASR : 2).Anu hartosna wallohu ‘alam. Sakuduna aranjeun nyokot I’tibar (perbandingan) hei jalma-jalma anu boga fikiran. (Q.S AL-HASR : 2).
Ari qiyas ceuk lughot nyaeta ngukur hiji perkara kanu sejenna supaya bisa kanyahoan anu saruana. Ari ngaran qiyas ceuk istilah nyaeta nga analogikeun hukum cabang kana pokok na (asalna), kusabab ayana aleusan anu ngahijikeun dina hiji hukum, saperti nyaruakeun hukum pare reujeung gandum dina masalah riba jeung dina sakabeh rupa kadaharan.
Rukun-rukun qiyas :
Ka hiji al-ashlu (pokok) nyaeta anu digunakeun pikeun ngiyas atawa jadi ukuran
Ka dua al-far’u (cabang) nyaeta perkara anu diqiyaskeun (diukur)
Ka tilu hukmu al-ashli (hukum asal) nyaeta anu ditetepkeun dina cang saba’da tetepna dina asal
Ka opat ‘illat (aleusan) nyaeta anu jadi dasar sasaruaan antara hokum cabang reujeung hokum pokok.
S : naha aya sabaraha ari golongan dina agama islam?
J : ari golongan dina agama islam eta aya tujuh puluh tilu golongan, anu tujuh puluh dua golongan cilaka kabeh iwal hiji golongan anu salamet nyaeta golongan ahlus-sunnah wal-jama’ah
S : naon hiji-hiji na golongan dina agama islam?
J : nyaeta :
Ka hiji qoum syi’ah aya 22 golongan.
Ka dua qoum khowarij aya 20 golongan.
Ka tilu qoum mu’tazilah aya 20 golongan.
ka opat qoum murji’ah aya 5 golongan.
ka lima qoum najariyah aya 3 golongan.
ka genep qoum jabariyah aya 1 golongan.
Ka tujuh qoum musyabbihah aya 1 golongan
Jadi jumlah aya tujuh puluh dua golongan, ditambah hiji golongan nyaeta fahaman ahlus-sunnah wal-jama’ah maka atuh jumlah sadayana aya tujuh puluh tilu golongan, anu sakumaha didawuhkeun ku kanjeung Nabi Muhammmad S.A.W dina hadits anu diriwayatkeun ku Imam Turmudzi.
S: naon ari ngarana kaum syi’ah teh?
J: nyaeta :
kaum anu ngagung-agungkeun Sayyidina Ali Karomallohu wajhah, maranehana teu ngaku kholifah Rasyidin anu sejen saperti Kholifah Sayyidina Abu Bakar, Sayidina Umar jeung Sayyidina Usman bahkan mikangewana. Kaum iyeu di sulut ku Abdullah bin Saba, hiji pendeta yahudi ti Yaman anu asup islam.
S: naon ari ngarana kaum khowarij teh?
J: nyaeta :
kaum anu banget mikangewa ka Sayyidina Ali Karomallohu wajhah, bahkan eta kaum ngafirkeun Sayyidina Ali Karomallohu wajhah. Salah sahiji ajaranna saha jalma anu ngalakukeun dosa gede mangka di anggap kafir.
S: naon ari ngarana kaum mu’tazilah teh?
J: nyaeta :
kaum anu ngagungkeun akal pikiran jeung bersifat filosofis, golongan iyeu dicetuskan ku Washil bin Atho (700-750 M) salah sahiji murid Hasan Al Basri.iyeu kaum boga faham yen alloh teu boga shifat, yen manusia anu nyieun kana pagaweanana sorangan, yen alloh moal bisa ditingal ku mata di syurga, yen jalma anu migawe dosa gede dilsimpeun diantara dua tempat tegesna faseq, jeung yen mi’rajna kanjeng Nabi Muhammad S.A.W kalawan ruh na wungkul, jeung fahaman nu sanesna.
S: naon ari ngarana kaum murji’ah teh?
J: nyaeta :
kaum anu matwakeun yen migawe ma’siat (kadorakaan) teu mere madarat lamun geus iman, sakumaha ka aya an migawe kahadean teu mere manfa’at lamun kafir.
S: naon ari ngarana kaum najariyah teh?
J: nyaeta :
kaum anu matwakeun yen pagawean manusa eta makhluk, tegesna dijadikeun ku alloh tatapi maranehanan boga fahaman yen shifat alloh the teu aya.
S: naon ari ngarana kaum jabariyah teh?
J: nyaeta :
Kaum anu boga fahaman yen hiji hamba nyaeta teu boga daya upaya (kapaksa), kasab atawa usahana teu aya sama sakali, jeung dimana-mana hiji hamba migawe ma’siyat samata-mata alloh nu ngalakonana.
S: naon ari ngarana kaum musyabbihah teh?
J: nyaeta :
kaum anu matwakeun yen aya kasarupaan alloh jeung makhluk, saperti aya panangan, sampean, calik di kursi, naek tangga, turun tangga jeung sajabina.
S: naon ari ngaran ahli sunnah wal-jama’ah teh?
J : ari ngaran ahli sunnah wal jama’ah teh nyaeta hiji golongan umat islam anu satekad dina hakekat, salampah dina thorekat  saucap dina syare’at jeung kanjeng nabi tur para sohabatna.
S: Naha aya sabaraha ari golongan ahli sunnah wal-jama’ah teh?
J : ari golongan ahli sunnah wal-jamah eta aya dalapan golongan.
S : naon hiji-hijina?
J : nyeta :
ka hiji golongan imam-imam ‘adzhom jeung kholifah-kholifah anu islam.
ka dua golongan imam mujtahid.
ka tilu golongan ulama ahli hadits.
ka opat golongan ulama ahli elmu adab (elmu nahwu, elmu shorof, elmu lughoh jsb).
ka lima golongan ulama ahli qiro’ah jeung ahli tafsir.
ka genep golongan ulama ahli tashouf.
ka tujuh golongan muslimin nu paraham kana elmu aqoid, elmu fiqih, jeung elmu tashouf.
ka dalapan golongan jalma nu islam nu aya dikampung na masing-masing, nu ngaraji kana elmu aqoid, elmu fiqih jeung elmu tashouf.
Sakumaha dina iyeu nadzhoman:
ARI GOLONGAN NU BAKAL SALAMET MAH # TETELANA AHLI SUNNAH WAL JAMA’AH.
NYATA SATEKAD SALAMPAH SAUCAPNA # JEUNG KANJENG NABI TUR PARA SOHABATNA.
NGARAN GOLONGAN NU BAKAL SALAMET TEH # NYAETA GOLONGAN ASYA’IROH KABEH.
NYATANA IMAM NU NGURUS DINA USHUL # URUSAN TEKAD SANGKAN TETEP NA WUSHUL.
ARI LOBANA GOLONGAN ASYA’IROH # HIJI GOLONGAN DISELIRNA KU ALLOH.
GOLONGAN AHLI SUNNAH KABAGI DEUI # JADI DALAPAN GOLONGAN SING KAHARTI.
KAHIJI GOLONGAN IMAM-IMAM ‘ADZHOM # REUJEUNG KHOLIFAH-KHOLIFAH ANU ISLAM.
NU CUKUP DINA ELMU USHULUDIN NA # NYAKITU ELMU FIQIH GE TASHOUFNA.
SAKUMAHA AQOIDNA KANJENG NABI # JEUNG SHOBAT-SHOHABATNA NU NGALARTI.
NU DISEBUT THOREKAT MUTAKALIMIIN # NU NEUTEPKEU KANA SHIFAT ALLOH YAKIN.
SARTA BERSIH TINA ELMU NU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
KADUA GOLONGAN IMAM MUJTAHIDNA # SACARA GOLONGAN IMAM SYAFI’INA.
IMAM MALIKI, HANAFI, HAMBALI  # AWZA’I, SURI, ABI LAELA NA.
NU AQOID NA PERKARA BANGSA AKAL # NEUTEPKEUN WAJIB,MUHAL, WEUNANG CEUK AKAL.
JEUNG SUCI TINA BID’AH ELMU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PILUH DUA NA.
TILU GOLONGAN AHLI HADITS SHOHEHNA # NU CUKUP ELMU HADITS JEUNG SAGALANA.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
OPAT GOLONGAN AHLI ELMU ADAB NA # NYA IMAM ELMU NAHWU, SHOROF, LUGOHNA.
SACARA IMAM KHOLIL, IMAM SIBAWEH # NYA PARA IMAM-IMAM AHFASNA KABEH.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
LIMA GOLONGAN ULAMA QIRO’AH, TAFSIR # ANU TA’WILNA MUFAKAT TEU NGAGINGSIR.
KANA MADZHAB-MADZHAB IMAM BAHEULA NA # PERTELA TEU SULAYA TEU GAGABAHNA.
JEUNG TEU KACAMPURAN TA’WIL NU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
GENEP GOLONGAN TASHOUF AHLI ZUHUD  # NU CUKUP ELMU USHULNA HEUNTEU PAGUJUD.
JEUNG THOREKAT NA THOREKAT MU’TABAROH  # SAJALUR WASIAT REUJEUNG WALIYULLOH.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
TUJUH GOLONGAN MUSLIMIN NU PARAHAM # NA AQOID, FIQIH, TASHOUF TEU HAM-HAM.
NU NGAKURAN FAHAMAN HADITS NABINA # JEUNG FAHAMAN ‘ULAMA NU BAHEULANA.
JEUNG TEU KACAMPURAN KU BID’AH SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
DALAPAN GOLONGAN JALMA NU ISLAM NA  # NU AYA DITEMPAT-TEMPAT KEUR MUKIM NA.
NU NGARAJI AQOID SARENG FIQIHNA # OGE TASHOUF TINA KITAB HADITSNA
JEUNG TEU KACAMPURAN ELMU NU SASARNA # SACARA QOUM TUJUH PULUH DUA NA.
TAH NU DALAPAN GOLONGAN SING KA FAHAM # SUPAYA JADI UMAT NABI TEU HAM-HAM.
NYA IYEU TUKILAN RISALAH WEUKASAN # MUGI ALLOH MAPARINAN KA WEULASAN.


-pamugi sing aya kamanfa’atan tur berkah-
-khususna kangge sim kuring-
-umumna ka sadayana nu ngaosan iyeu cacarakan-

-AAMIIN YAA ROBBAL ‘ALAMIIN-

CACARAKAN 'AQOIDUL IMAN

IEU NADZOM ‘AQOID KENGING TERJEMAH TINA KITAB TIJAN, SINAREUNG KENGING NUKIL TINA NADZOMAN ‘AQOID NA MAMA K.H ENGKING NURON IBNU K.H .MUHAMMAD DIMYATI PAMEUTINGAN BANJARAN. ANU KATAMPI KU AL-FAQIR TI PANGEURSA K.H TOHA IBNU MAMA ENJUM HEGAR SARI BANJARAN OGE KENGING NUKIL TINA NADZOMAN ‘AQOID NA PANGEURSA K.H ADANG BADRUDIN WANAYASA PURWAKARTA.

BISMILLAHIR ROHMAANIR ROHIIM.
ALHAMDULILLAHI WAHDAH. WASH-SHOLAATU WAS-SALAAMU ‘ALA MAN LAA NABIYA BA’DAH. WA LAA YUU JADUL-MAKHLUQ ILLAA BIH. WA ‘ALAA AALIHII WA ASHHAABIH.

QOOLA IBNU RUSLAN FI ZUBADIHI.

AWWALU WAA JIBIN ‘ALAL-INSANI # MA’RIFATUL ILLHI BISTIQOONI.
PANGHEULANA ANU WAJIB KAMANUSA # NYAHOO NU SEMBAH NGALAP DALIL BISA.
HARTINA ISTIQON BENTES TEURANGNA # MA’ARIFAT KA ALLOH TEU AYA RUMEUK NA.
ARI JALAN NA MA’RIFAT NU PERLU # NGANYAHOKEUN HUKUM HELA ANU TILU.
HUKUM AKAL, HUKUM ’ADAT, HUKUM SYARA’ # POMA PISAN NGAJI ULAH LALAWORA.

Ari fadhilah na diajar ngaji elmu tauhid dina waktu sajam eta di hampura dosa 60 tauneun. Sabab na ngaji elmu tauhid pangna kudu diheulakeun  ku sabab urang rek nyembah teh kudu teurang hela anu disembahna. Sakumaha pidawuhna alloh dina alqur’an surat alfaatihah IYYAKA NA’BUDU W IYYAKA NASTA’IIN, sareung dawuhan alloh dina surat albaqoroh ayat ka 21. YAA AYYUHANNAASU’BUDUU ROBBAKUMUL-LADZII KHOLAQOKUM WAL-LADZIINA MIN QOBLIKUM LA’ALLAKUM TAT-TAQUUN. Oge sakumaha kateurangan hadits shoheh imam muslim: FA’LAMUU AYYUHAN-NAASU LIANNAL ASHLA WAL USAASA HUWA MA’RIFATUL MA’BUDI QOBLAL ‘IBADATI.
Ari seueurna ‘aqoid iman eta aya 50 anu mana kabagi kana dua pokok:
1 AQOID IMAN KA ALLOH:
  1. 20 nu wajib di alloh.
  2. 20 nu mustahil di alloh.
  3. 1 nu weunang di alloh.
Janteun jumlah na 41.
2 AQOID IMAN KA RUSUL:
  1. 4 nu wajib di rusul.
  2. 4 nu mustahil di rusul.
  3. 1 nu weunang di rusul.
Janteun jumlah na 9.

TAH IEU NADZHOMAN ‘AQOID IMAN NU 50 TEH, DI LAYANKEUN SAREUNG HARTOS NA. PAMUGI CING BERKAH KANU NGARAOS NA. AAMIIN.
BISMILLAH NGAWITAN LISAN # REK NYEUBARKEUN KATUHANAN.
GUSTI ALLOH PANJEUNEUNGAN # KAWEUNTAR TUR ASIH PISAN.
ALHAMDULILLH PAMUJI # KA GUSTI ALLOH SAHIJI.
RAHMAT SALAM KAJENG NABI # OGE SINARENG ASHABI.
AMMA BA’DU SABA’DA NA # URANG TEH WAJIB TERANG NA.
KA GUSTI ALLOH SIFAT NA # NU WAJIB JEUNG NU MUHAL NA.
DUA PULUH NU WAJIB NA # DUA PULUH NU MUHAL NA.
NGAN HIJI SIFAT WEUNANG NA # PAT PULUH HIJI JUMLAH NA.
DINA IEU ELMU USHUL # TAMBA BINGUNG OSOK NGU’UL.
OPAT NU WAJIB DI RUSUL # OPAT NU MUHAL ULAH CUL.
NU WEUNANG NA HIJI BAE # SANAOS DI RUSUL OGE.
TAFSIR NA ENGKE PEURLENTE # NGAOSNA SING SAE-SAE.

‘AQOID IMAN KA ALLOH TA’ALA SIFAT NU WAJIB SAREUNG NU MUHAL NA:
1.             HIJI WAJIB WUJUD # MUHAL ALLOH ‘ADAM
HARTOSNA ALLOH AYA # MUSTAHIL ALLOH TEU AYA
2.             DUA WAJIB QIDAM # MUHAL ALLOH HUDUTS
HARTOSNA ALLOH TIHEULA # MUSTAHIL AYA ANYAR NA
3.             TILU WAJIB BAQO # MUHAL ALLOH FANA
HARTOSNA ALLOH LANGGEUNG # MUSTAHIL AYA RUKSAK NA
4.             OPAT  WAJIB MUKHO # LAFATU LIL HAWADITSI
MUHAL ALLOH ETA # ANU MUMATSALAH
HARTOSNA ALLOH BEDA # JEUNG SAKABEH NU ANYAR
MUSTAHIL ALLOH ETA # SARUA REUJEUNG NU ANYAR
5.             LIMA WAJIB QIYA MUHU BI NAFSIHI # MUHAL ALLOH ETA IHTIYAJ BI GHOIRIHI
HARTOSNA ALLOH NGADEUG # KALAWAN DZAT ANJEUN NA
MUSTAHIL ALLOH BUTUH # KANA DZAT LIYAN NA
6.             GEUNEUP WAHDANIYAT # MUHAL TA’ADUDAAT
HARTOSNA ALLOH NUNGGAL # MUSTAHIL NU BINGBILANGAN
7.             TUJUH WAJIB QUDROT # MUHAL ALLOH ‘AJAZAH
HARTOSNA ALLOH KAWASA # MUSTAHIL AYA APEUS NA
8.             DALAPAN WAJIB IRODAT # MUHAL ALLOH KAROHAH
HARTOSNA ALLOH KEURSA # MUSTAHIL ALLOH KAPAKSA
9.             SALAPAN WAJIB ‘ILMU # MUHAL ALLOH JAAHIL
HARTOSNA ALLOH UNINGA # MUSTAHIL AYA BODO NA
10.          SAPULUH WAJIB HAYAT # MUHAL ALLOH MAOT
HARTOSNA ALLOH JUMEUNEUNG # MUSTAHIL AYA MAOT NA
11.          SABEULAS WAJIB SAMA’ # MUHAL ALLOH ASHOM
HARTOSNA ALLOH NGARUNGU # MUSTAHIL HEUNTEU NGARUNGU
12.          DUA BEULAS WAJIB BASHOR # MUHAL ALLOH A ‘MA
HARTOSNA ALLOH NINGALI # MUSTAHIL HEUNTEU NINGALI
13.          TILU BEULAS WAJIB KALAM # MUHAL ALLOH BAKAM
HARTOSNA ALLOH NGANDIKA # MUSTAHIL HEUNTEU NGANDIKA
14.          OPAT BEULAS QOWNUHU QOODIROON # MUHAL QOWNUHU ‘AJIZAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU KAWASA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU APEUS (2x)
15.          LIMA BEULAS QOWNUHU MURIDAN # MUHAL QOWNUHU KAARIHAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU KEURSA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU KAPAKSA (2x)
16.          GEUNEUP BEULAS QOWNUHU ‘ALIMAN # MUHAL QOWNUHU JAAHILAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU UNINGA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU BODO (2x)
17.          TUJUH BEULAS QOWNUHU HAYYAN # MUHAL QOWNUHU MAYYITAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU HIRUP
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI ANU MAOT(2x)
18.          DALAPAN BEULAS QOWNUHU SAMI’AN # MUHAL QOWNUHU ASHOMA
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU NGARUNGU
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI TEU NGARUNGU (2x)
19.          SALAPAN BEULAS QOWNUHU BASHIROON # MUHAL QOWNUHU ‘UMYAAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU NINGALI
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI TEU NINGALI (2x)
20.          DUA PULUH QOWNUHU MUTAKALLIMAAN # MUHAL QOWNUHU BUKMAAN
HARTOSNA ETA ALLOH # BUKTI ANU NGANDIKA
MUSTAHIL ETA ALLOH # BUKTI TEU NGANDIKA (2x)

‘AQOID IMAN KA ALLOH TA’ALA SIFAT NU WEUNANG NA:
ARI SIFAT ANU WEUNANG # DI GUSTI ALLOH SING TEURANG
ETA HIJI HEUNTEU MANG-MANG #ETA URANG WAJIB TEURANG
NYATANA FI’LU MUMKININ # REUJEUNG WA TARKU MUMKININ
WEUNANG ALLOH DAMEUL MUMKIN # WEUNANG TINGAL DAMEUL MUMKIN

‘AQOID IMAN KA PARA ROSUL NA ALLOH TA’ALA SIFAT ANU WAJIB SAREUNG ANU MUHAL NA:
SIFAT NU WAJIB DI RUSUL # JALMA AGUNG ANU PUNJUL
OPAT NU WAJIB NA WUNGKUL# JEUNG OPAT NU MUSTAHIL
REUJUNG HIJI NU WEUNANG NA # JUMLAH SALAPAN KABEH NA
SAKITU SIFAT-SIFAT NA NABI RUSUL SADAYANA.
HIJI WAJIB SHIDIQ # MUHAL RUSUL KIDZIB
HARTOSNA RUSUL BEUNER # MUSTAHIL RUSUL TEU BEUNER
DUA WAJIB AMANAT # MUHAL RUSUL KHIYANAT
HARTOSNA KAPEURCAYA # MUSTAHIL DI RUSUL CIDRA
TILU WAJIB TABLIGH # MUHAL RUSUL KITMAN
HARTOSNA NGADONGKAPKEUN  # MUSTAHIL RUSUL NYUMPUTKEUN
OPAT WAJIB FATHONAH # MUHAL RUSUL BALADAH
HARTOSNA RUSUL PINTEUR # MUSTAHIL AYA BEULEUT NA

‘AQOID IMAN KA PARA ROSUL NA ALLOH TA’ALA SIFAT ANU WEUNANG NA:
SIFAT NU WEUNANG DI RUSUL # HIJI A’ROD BASYARIYAH
NYAETA SIFAT KAMANU # SA AN NU TEU NGADATANGKEUN
KANA SIFAT KA KURANGAN # DINA MARTABAT NA RUSUL (2X)

JUMLAH SAKABEH ‘AQOID IMAN :
JUMLAH KABEH ‘AQOID NA # LIMA PULUH SADAYANA
SING APAL HIJI-HIJI NA # ULAH POHO SALILANA
‘AQOID NU LIMA PULUH # LAMUN CAN DI ‘ITIQODKEUN
IBADAH CAN DI TARIMA # SABAB TACAN SAH IMAN NA

FASAL BUAT NEURANGKEUN BINGBILNGAN PARA MALAIKAT
Ari nama malaikat eta pirang-pirang jisim lathif anu bangsa cahaya. Sanes istri sanes pameugeut teu ibuan teu ramaan tara tuang tara ngaleu eu. Minangka katuangan nana eta ngaos tasbih sareung muji ka alloh sareung tiasa ngajajah kanu teubih ku mangsa anu sakeudap sareung tara doraka ka gusti alloh. Oge ari maot eta weunang di malaikat . ari seueurna para malaikat anu wajib di kanyohokeun eta aya sapuluh:
  1. malaikat jibril tukang nurunkeun wahyu
  2. malikat mikail tukang nurunkeun hujan
  3. malaikat isrofil tukang niup song-song
  4. malikat ‘izroil tukang nyabut nyawa kasakur-sakur anu nyawaan
  5. malaikat munkar tukang mariksa mayit di jero kubur
  6. malaikat nakir tukang mariksa mayit di jero kubur
  7. malaikat roqib tukang nuliskeun ‘amal sae di palih katuhu
  8. malaikat ‘atid tukang nuliskeun ‘amal awon di palih kiwa
  9. malaikat malik tukang juru kunci naraka
  10. malaikat ridhwan tukang juru kunci sawarga

FASAL BUAT NEURANGKEUN BINGBILANGAN KITAB
Ari seu eur na kitab eta aya saratus opat kitab, anu 104 kitab ieu di turunkeun ka 8 para nabi.
  1. 10 kitab diturunkeun ka nabi adam
  2. 50 kitab diturunkeun ka nabi sis
  3. 30 kitab diturunkeun ka nabi idris
  4. 10 kitab diturunkeun ka nabi ibrohim
Jadi jumlah 100 kitab
Ari anu wajib di kanyahokeun nana eta aya 4 kitab :
  1. kitab tauret diturunkeun ka nabi musa bahasa kitab na ibroni
  2. kitab zabur diturunkeun ka nabi daud bahasa kitab na qibti
  3. kitab injil diturunkeun ka nabi ‘isa bahasa kitab na suryani
  4. kitab alqur an diturunkeun ka nabi Muhammad S.A.W. bahasa kitab na arab

FASAL BUAT NEURANGKEUN BINGBILANGAN NABI JEUNG ROSUL
Ari nami rosul eta jalma pameugeut anu salameut tina cacad anu neurdeka anu tosdi pasihan wahyu ku gusti alloh pikeun lakonaneun anjeunna sareung umat na.
Ari nami nabi eta jalma pameugeut anu salameut tina cacad anu neurdeka anu tosdi pasihan wahyu ku gusti alloh pikeun lakonaneun anjeunna.
Ari seueurna rosul ceuk sakaol eta aya 313, ceuk sakaol 314, jeung ceuk sakaol deui 315. Ari seueurna nabi  eta aya 124.000. tapi anu wajib dikanyahokeun na mah aya 25 nabi jeung rosul. Nyaeta:
  1. Nabi adam A.S
  2. Nabi idris A.S
  3. Nabi nuh A.S
  4. Nabi hud A.S
  5. Nabi soleh A.S
  6. Nabi ibrohim A.S
  7. Nabi luth A.S
  8. Nabi ismail A.S
  9. Nabi ishaq A.S
  10. Nabi ya’kub A.S
  11. Nabi yusuf A.S
  12. Nabi ayub A.S
  13. Nabi su’aeb A.S
  14. Nabi harun A.S
  15. Nabi musa A.S
  16. Nabi ilyasa A.S
  17. Nabi dzulkifli A.S
  18. Nabi daud A.S
  19. Nabi sulaiman A.S
  20. NabI ilyas A.S
  21. Nabi yunus A.S
  22. Nabi zakariya A.S
  23. Nabi yahya A.S
  24. Nabi ‘isa A.S
  25. Nabi Muhammad S.A.W
ANU DI KUMPULKEUN DINA IEU NADZHOMAN :
ADAM  IDRIS NUH # HUD SOLEH IBROHIM
LUTH ISMAIL ISHAQ # YA’KUB YUSUF AYUB
SU’EB HARUN MUSA # ILYASA DZULKIFLI
DAUD SULAIMAN # ILYAS  NABI YUNUS
NABI ZAKARIYA YAHYA # ‘ISA NABI MUHAMMAD
SHOLLALLOH ‘ALAIHI # WASALLAMA ‘ALAIHIM

FASAL BUAT NEURANGKEUN SILSILAH KANGJEUNG NABI MUHAMMAD S.A.W
Ari putra kangjeung nabi eta aya 7, nyaeta pameugeut 3, istri 4.
1.     Sayyid ibrohim
2.     Sayyid qosim
3.     Sayyid ‘abdulloh
4.     Siti fatimah
5.     Siti zaenab
6.     Siti ruqoyah
7.     Siti ummi kultsum.
Ari garwa na kangjeung nabi eta aya 11 nyaeta:
1.     Siti khodijah
2.     Siti ‘aisyah
3.     Siti hafshoh
4.     Siti hindun
5.     Siti shofiyah
6.     Siti maemunah
7.     Siti romlah
8.     Siti juwairiyah
9.     Siti zaenab
10.  Siti sawdah
11.  Siti zaenab ummi kultsum
Ari putu na kangjeung nabi eta aya 2 nyaeta :
  1. sayyid hasan
  2. sayyid husen
Ari paman na kangjeung nabiti arah rama na eta aya 12, tapi anu iman mah mung aya 2 nyaeta:
  1. sayyid hamzah
  2. sayyid ‘abas
Ari bibi na kangjeung nabi ti arah rama na eta aya tapi ari anu iman mah mung aya 3 nyaeta:
  1. siti shofiyah
  2. siti ‘aykah
  3. siti arwah
Ari paman na kangjeung nabi ti arah ibu na eta aya 3 nyaeta:
  1. aswad
  2. ‘umar
  3. ‘abdul yakus
Ari bibi na ti arah ibu na eta aya 2 nyaeta;
  1. siti farishoh
  2. siti fahitah
Ari sapalih juru laden na kangjeung nabi eta aya 6 nyaeta:
  1. anas
  2. bilal
  3. ummu ayman
  4. mariyah
  5. halimah
  6. suwaibah
eta sadayana maraot na di zaman perang.
Ari silsilah kangjeung nabi ti arah rama na sareung ibu na di kumpulkeun di ieu nadzhoman :
WAJIB TEURANG URANG SADAYA # NASAB KANGJEUNG ANU MULYA
TI LEUBAH JIHAT IBUNA # SAREUNG TI JIHAT RAMANA
KANGJEUNG NABI TEH RAMANA # SAYYID ABDULLOH WASTANA
SAYYID ABDULLOH RAMANA # ABDUL MUTHOLIB NEULAHNA
ABDUL MUTHOLIB TEH PUTRA # TI SAYYID HASYIM GEUS NYATA
SAYYID HASYIM OGE PUTRA # TI SAYYID ABDI MANAF
ABDI MANAF PUTRA QUSHOY # QUSHOY TEH PUTRA NA KILAB
KILAB GE PUTRA NA MURROH # MURROH MAH PUTRA TI KA’AB
KA’AB TEH PUTRA TI LU.AY # LU.AY BIN GHOLIB BIN FIHIR
FIHIR BIN MALIK BIN NADHOR # NADHOR PUTRANA KINANAH
KINANAH BIN KHUZAIMAH # KHUZAIMAH PUTRA MUDRIKAH
MUDRIKAH PUTRANA ILYAS # ILYAS TEH PUTRANA MUDHOR
MUDHOR BIN NIZAR BIN MA’AD # MA’AD TEH PUTRNA ‘ADNAN
TAH SAKITU SADAYANA # NASAB NABI TI RAMANA
ARI NASAB TI IBUNA # JEUNG NABI PUTRA AMINAH
AMINAH PUTRA TI WAHAB # WAHAB PUTRA ‘ABDI MANAF
‘ABDI MANAF PUTRA ZUHROH # ZUHROH TEH PUTRANA KILAB
DI KILAB MAH TOS NGAHIJI # SAREUNG TI JIHAT RAMANA
Ari gusti abdi teh kangjeung nabi Muhammad bin abdulloh, di peudalkeun di mekkah, di utus na di mekkah, teras ngalih ka madinah, wafat di madinah, di peundeum di madinah, di bumi siti a’aisyah. Ramana sayid abdulloh, ibuna siti aminah.